Lengkah Panungtun
Dug dug ngagoler jaradi boled
Jep jep gera eta panon kasirep
Ngadung-dung mulang ka indung
Cig gera mapahna sing enggal
Kade ulah titingalian ka handap
Sanajan sakedap
Keun antep nu lain kawajiban urang ngangkat-ngangkat nu sakarat-malarat
Nam enggal gera ngalengkahna henam, henam diantosan
Ulah hayang baralik deui, ulang hayang naringal deui
Moal, ulah … ulah …
Teu kudu ngantosan liren nu ceurik ingsrek-ingsrekan
Tos, atos keun sawios
Hayu urang mulang, mulang urang ngandang
Hayu gera ngampih
Urang kempel di paparin nu aya
Tong ngabebela nu ngawur-ngawur kembang jeung mawar ti nu taya kapaur.
***
Langkah Penuntun
Dug dug, rebahlah menjelma ubi
Jep jep, tutup lah mata dan terpejam
Mari kembali pulang kepada Ibu
Lekas, lekaslah berjalan cepat
Awas jangan menoleh ke bawah biar sebentar
Acuh, acuhkan yang bukan kewajiban kita mengangkat mereka yang sekarat tak menyenangkan
Ayo, cepat langkahkan kakimu, kemari, kemari kamu dinantikan
Jangan ingin kembali lagi, jangan ingin menengok lagi
Jangan, jangan pernah … jangan …
Tak perlu menunggu reda air mata yang muncul terisak
Sudah, sudahlah, biarkan saja
Mari kita pulang, pulang
Mari lekas ke peraduan
Kita berkumpul di keabadian yang ada
Jangan membela mereka yang menabur mawar tanpa ketakutan


